Selasa, 22 September 2015

Contoh Sajak Sunda

Asalamualaikum..
Sampurasun ..
wilujeung tepang deui sareung simkuring dina blog . :)
Kuring bade masihan contoh sajak sunda anu simpel.
hapunteun sateuacana bilih kirang sae kumargi masih diajar keneh.

NALANGSA

ku : Eva Rismayati

Teu pernah disangka
Teu Pernah kapikir titadina
Ayeuna anjeun ngadua
Hate nyeuri kabina-bina
Anu rasana teu aya duana

Sok sakapeung kapikiran
Sok sakapeung aya rasa hanjakal
Bareto kuring bogoh kamanehna

Duh Gusti ..
Tenangkeun hate abdi
Kuatkeun Hate abdi
Tina Sagala cocobi
Anu ayeuna nimpa hate abdi

Ciamis,23 September 2015


Tah .. eta conto sajak anu judulna Nalangsa.
Sajak eta nerangkeun yen kuring anu didua ku kabogohna . Terus kuring ngarasa nyeri hate anu moal bisa di bayar kunanaon bakat kunyeri kabina-bina.Kuring sakapeung sok mikir hanjakal, hanjakal bareto kuring pernah bogoh ka manehna.
Eta sajak asli pangalaman kuring.

Sakitu anu tiasa diseratkeun hapunteun bilih seer kalepatan.
Hatur nuhun nya tos tiasa nyimpang kana blog kuring.
Wassalamualaikum.